Skip to content
Lyric
Dive
Public playlists
My playlists
Search
Sign in
Jol (2022)
Doel Sumbang
Popularity · Low
+
🇮🇩 Sundanese · Original
0
0
YouTube
Searching YouTube...
Lyrics
Original
Translation
Bilingual
Jol, anjeun datang deui
Sanggeus sababaraha kali
Ngahianat, nganyenyeri
Torojol, jol, jol, anjeun datang deui
Jol, anjeun datang deui
Ku anéhna kuring beut lénglé
Hararésé nutup haté
Torojol, jol, jol, anjeun datang deui
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, lésot tulakna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, leungit koncina
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, ruksak éngsélna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tungtungna mah panto muka salilana
Jol, anjeun datang deui
Kungsi ngahianat, kungsi nganyenyeri
Kuring lénglé, éléh deui
Daék deui poho poé kana kanyeri
Jol, anjeun datang deui
Sanggeus sababaraha kali
Ngahianat, nganyenyeri
Torojol, jol, jol, anjeun datang deui
Jol, anjeun datang deui
Ku anéhna kuring beut lénglé
Hararésé nutup haté
Torojol, jol, jol, anjeun datang deui
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, lésot tulakna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, leungit koncina
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, ruksak éngsélna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tungtungna mah panto muka salilana
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, lésot tulakna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, leungit koncina
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tutup-buka, ruksak éngsélna
Ku kuring ditutup, ku anjeun dibuka
Tungtungna mah panto muka salilana