Skip to content
Lyric
Dive
Public playlists
My playlists
Search
Sign in
Mulang Tarima
Asep Balon
Popularity ยท Low
+
๐ฎ๐ฉ Sundanese ยท Original
0
0
YouTube
Searching YouTube...
Lyrics
Original
Translation
Bilingual
Gening hirup tรฉh karasa beurat
Kadang capรฉ api api kuat
Teu aya nu ngabaturan, sok asa sorangan
Tapi da kudu dilakonan
Karasa peurih
Inget kanu di bumi
Ngajerit nahan kabรฉh kanyeri
Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya
Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima
Unggal peuting teu bisa sarรฉ, da inget waรฉ
Indung jeung bapa beuki kolot nyentug kana hatรฉ
Tapi urang masih can bisa ngawujudkeun cita cita
Ngangkat darajat keluarga amรฉh teu dihina
Aing mah geus ba'al, kunu ngaranna gagal
Aing apal kasuksรฉsan pasti hargana mahal
Teu cukup, saukur, ngamodal angan angan
Tapi kudu dibarengan ku meurih jeung pengorbanan
Ningali indung bapa pas keur sarรฉ
Nyieun aing poho rasana capรฉ
Meureupkeun leungeun ngucap dinu hatรฉ
Mun aing teu gawรฉ moal bisa nyalsรฉ
Teu paduli, lamun beurat
Salila aing bisa mangpaat
Teu paduli, mun kasiksa
Salila bisa mulang tarima!
Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya
Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima
Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya
Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima
ย