Skip to content
Lyric
Dive
Public playlists
My playlists
Search
Sign in
Dimana Bapak
WINA
Popularity · Low
+
Original
0
0
YouTube
Searching YouTube...
Lyrics
Original
Translation
Bilingual
Ibu, ari bapa téh di mana?
Ari bapa téh ka mana?
Hoyong tepang sareng Bapa
Ku hoyong terang rupina
Di mana atuh, Ibu?
Deudeuh teuing, anak Ibu anu bageur
Hidep tos nincak dewasa
Can nyaho dirupa Bapa, Geulis
Keur hidep jero kandungan
Bapa téh kungsi amitan
Rék néangan pagawéan
Tapi henteu mulang-mulang
Na kunaon Bapa téh teu mulang-mulang?
Pami Ibu ngawidian
Abdi seja milarian
Mugi-mugi tiasa patepang
Abdi téh seja amitan
Jung, Anaking, Ibu ngajurung
Bapa hidep geura susul
Harepan sing tinekanan
Du'a Ibu nu marengan
Duh, Gusti Nu Maha Suci
Abdi sumerah diri
Mung kanu Maha Agung
Abdi mundut pitulung
Pami Ibu ngawidian
Abdi seja milarian
Mugi-mugi tiasa patepang
Abdi téh seja amitan
Jung, Anaking, Ibu ngajurung
Bapa hidep geura susul
Harepan sing tinekanan
Du'a Ibu nu marengan
Duh, Gusti Nu Maha Suci
Abdi sumerah diri
Mung kanu Maha Agung
Abdi mundut pitulung