Skip to content

Deudeuh Teuing

Popularity · Low

YouTube

Searching YouTube...

Lyrics

Deudeuh... Teuing... Ngalongkewang ngalanglayung Bingbang kumalayang Deudeuh... Teuing... Samar rasa samar polah Leungiteun kakasih... Nganaha naha ka diri Kunaon kieu jadina... Nganaha naha beut asih Mun bakal jadi kapeurih Dina manis manis cinta Aya racun namper teu karasa Dina warna warna cinta Aya pulas mupus romantika... Dina galurana cinta Suka duka ngarongrong katresna Bongan diri teu taliti jeung waspada Akhirna karasa kaduhung tara tiheula Taliti jeung ati ati Cinta mah najan endah loba peurah Taliti jeung ati ati Cinta mah najan raket bisa pegat Deudeuh... Teuing... Ngalongkewang ngalanglayung Bingbang kumalayang Deudeuh... Teuing... Samar rasa samar polah Leungiteun kakasih... Nganaha naha ka diri Kunaon kieu jadina... Nganaha naha beut asih Mun bakal jadi kapeurih Dina manis manis cinta Aya racun namper teu karasa Dina warna warna cinta Aya pulas mupus romantika... Dina galurana cinta Suka duka ngarongrong katresna Bongan diri teu taliti jeung waspada Akhirna karasa kaduhung tara tiheula Taliti jeung ati ati Cinta mah najan endah loba peurah Taliti jeung ati ati Cinta mah najan raket bisa pegat