Skip to content
Lyric
Dive
Public playlists
My playlists
Search
Sign in
Awewe Sapi Daging 2022
Doel Sumbang
Popularity · Low
+
Original
0
0
Listen
YouTube
1
2
3
0:00 / 0:00
Loading YouTube player...
Lyrics offset
Synced
Lyrics
Original
Translation
Bilingual
Aya awéwé jaman ayeuna
Ngaku awéwé modérn
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki
Ceunah émansipasi
Bari utekna teu ngarti
Bisnis beurang-peuting
Bisnis naon? Duka téh teuing
Salakina di imah ngajaga tulak panto
Anak diasuh cukup ku suster jeung babu
Hayang mobil méwah ngabélaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki, ceunah mah teu cukup waé, éh-éh-éh-éh-éh-éh
Emas berlian renceum, ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa, rupa bayawak
Awéwé nu kitu lain awéwé modérn
Tapi sapi daging, peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat, bisi ngadon jadi bejad